Skip to main content

Contoh Soal Ujian Sekolah (US) Bahasa Sunda SMP Kelas 9 Tahun 2023

Contoh Soal Ujian Sekolah (US) Bahasa Sunda SMP Kelas 9 Tahun 2023
Soal Ujian Sekolah Bahasa Sunda SMP untuk Kelas 9 dan Kunci Jawaban. Dibagikan guna menyambut pelaksanaan US di mata pelajaran Bahasa Sunda Tahun Ajaran 2022/2023. Siswa dapat menjadikannya bahan latihan untuk mempersiapkan diri sebelum hari pelaksanaan.

Selain itu, naskah ini bisa bapak/ibu Guru manfaatkan sebagai sarana untuk menyusun naskah asli yang diujikan kepada anak didiknya di bulan maret - april mendatang. 

Jumlah keseluruhan Soal US Bahasa Sunda SMP yaitu 40 butir disesuaikan berdasarkan format Resmi pada umumnya. Terdiri dari dua paket yang kami lampirkan pada berkas PDF, silahkan mengeceknya satu persatu. 

Contoh Soal Ujian Sekolah (US) Bahasa Sunda SMP Kelas 9 Tahun 2023

Contoh Soal Ujian Sekolah (US) Bahasa Sunda SMP Kelas 9 Tahun 2023

Sebagaimana yang diketahui berdasarkan Permendikbud Nomor 43 tahun 2019 bahwa Penyelenggaraan Ujian akan diserahkan kepada Satuan Pendidikan masing - masing. Ujian nasional dihapus dan keterlibatan pusat untuk membuat naskah pun diberhentikan.

Jadi gunakan sebaik mungkin informasi ini untuk memperlancar kegiatan Ujian Sekolah tahun 2023, Selamat mengerjakan.


File PDF (Lengkap 40 BUTIR) + Prediksi + Jawaban berada dibawah soal berikut ini

1. Kagiatan nyarita dihareupeun balaréa dina raraga nepikeun informasi atawa hal-hal nu kaitung penting dipikanyaho ku batur disebutna...
A Wawaran
B Dramatisasi
C Biantara
D Deklamasi

2. Novel Sunda nupangheulana medal dina taun 1914 nya éta ...
A Siti Rayati karangan Muhammad Sanusi
B Pangéran Kornél Karangan R. Memed Sastrahadiprawira
C Agan Permas karangan Yuhana
D Baruang ka nu ngarora karya D.K D Ardiwinata

3. Lengkepan kalimah ieu di handap ngagunakeun ragam basa lemes (hormat)! Bapa Camat bade ...... ka ieu pertemuan
A Dongkap
B Sumping
C Linggih
D Datang

4. Paribasa Saringset pageuh iket téh mibanda harti ...
A Ngalakukeun pagawéan nu euweuh gunana
B Iket dina mastaka anu beulitanana hésé lésot
C Maké baju jeung iket kalayan rapih
D Sayaga atawa siap nyanghareupan sagala hal

5. Omongan palaku dina drama ka dirina sorangan, disebut...
A Monolog
B Prolog
C Dialog
D Palaku

6. Solawat miwah salam mangga urang sanggakeun ka jungjunan urang Nabi Muhammab SAW, ka para sohabatna, ka kulawargana, tug dugi ka urang salaku umatna. Ungkara di luhut téh dina biantara kaasup kana bagean ...
A Bubuka
B Pangjurung
C Pamapag
D Panutup

7. Karangan anu eusina ngajéntrékeun hiji objék, kumaha prosesna, tujuanana, jeung gunana diebut karangan...
A Déskripsi
B Artikel
C Pedaran
D Narasi

8. Salasahiji tarékah ngajaga sumber cai jeung kebersihan lingkungan téh nya éta...
A Kudu daék diajak ulin ka gunung
B Kudu nuaran kai di leuweung.
C Kudu milu reueus ku ayana Cagar Alam
D Kudu miceun runtah ka tempatna

9. Bilih aya kalepatan boh dina basa atanapi paripolah salami simkuring biantara, hapunten ka sadayana.
Ungkara di luhur téh biasana diomongkeun dina biantara minangka bagian...
A Panutup
B Pangjurung
C Bubuka
D Pamapag

10. Unsur pangwangun novel anu eusina nyaritakeun waktu jeung tempat lumangsungan kajadian dina carita disebut...
A Jejer
B Latar
C Galur
D Amanat

11. Ieu dihandap kalimah teu langsung nyaéta...
A Euleuh, mani seueur kitu!
B Wilujeng suming ka sadayana!
C Usép nyarita yén manéhna rék ka Dufan
D Mang, ka dieu sakedap!

12. Jalma anu ngajejeran (mingpin) acara sok disebut, iwal (kecuali) ....
A Pawarta acara
B Pangjejer acara
C Panata calagara
D pamandu acara

13. Wangun suhunan imah di kampung Naga, nya éta...
A Suhunan jualang ngapak
B Suhunan panjang
C suhunan capit gunting
D Suhunan juré

14. Jalma nu daékan di titah, teu hésé langsung dipigawé disebut..
A Amis budi
B hampang leungeun
C hampang birit
D Hade gogod hade tagog

15. Paguneman antara palaku dina drama, disebut...
A Prolog
B Monolog
C Palaku
D Dialog

16. Baca Sempalan naskah drama ieu di handap !
Wiyaga 1 : “Ari ieu cepuk naon Nini, siga cepuk perhiasan?” Nini Uti : “Hih, ulah étah ka dieukeun!”
Wiyaga 2 : “(Ngarebut cepuk) “Euleuh Nini mani alus kieu, cepuk perhiasan emas ieu mah. Geuning di toko emas gé loba nu kieu téh, nya. Tuh nya!Tuh nya! Tuh nya!
Nini Uti : “Kadieukeun étah, kadieukeun! Ulah dibuka batur!
Wiyaga 3 : “Meunang maok ti mana ieu téh Nini? Kolot-kolot puak-paok!”
Nini Uti : (Morongos, kasigeung) “Saha nu maok! Gampang wé tadah tuduh téh! Bararaid teuing maké jeung puak-paok sagala, kadieukeun! Kadieukeun!
Wiyaga 2 : “Enyalah meunang maok, meunang nyolong, meunang maok. Meunang ngéméng, ngaku! Ngaku..!”
Ari watak Nini Uti kumaha nurutkeun naskah drama di luhur?
A Daékan
B Pinter
C Bodo
D Jujur

17. Pakakas pangseukeutna keur ngawariskeun budaya nya éta...
A Basa jeung sastra
B Pangajaran jeung sakola
C Téhnologi jeung tradisi
D Kaulinan jeung kabiasaan

18. Paribasa “Kudu leulues jeujeur liat tali” ngandung harti...
A Ngalampahan pagawéan nu teu surup jeung haté
B Wijaksana dina mutuskeun atawa milampah sagala hal
C Jalma kokomoan, tina sagala euweuh jadi sagala aya
D Kudu sagala daék, boh kana gawé badag atawa gawé lemes.

19. Kalimah anu nuduhkeun ucapan langsung, biasana mangrupa cutatan nu diwatesanan ku
lentong atawa tanda baca disebutna kalimah...
A Teu langsung
B Langsung
C Aktif
D Pasif

20. Kampung anu masih kénéh nyekel tur ngalaksanakeun tali paranti karuhunna disebut kampung ...
A Babakan
B Adat
C Buhun
D Kasepuhan

Selanjutnya, untuk mendapatkan Soal US Bahasa Sunda SMP. Silahkan mengunduhnya melalui tautan yang kami sediakan di bawah ini.
Download

Demikian artikel tentang Contoh Soal Ujian Sekolah Bahasa Sunda SMP dan kunci jawaban. Semoga bermanfaat bagi peserta didik dan guru mapel yang bertugas. 
Ki Hajar Dewantara : “Ing Ngarsa Sung Tuladha Ing Madya Mangun Karsa Tut Wuri Handayani”,- Di depan memberi contoh, di tengah memberi semangat dan di belakang memberikan kekuatan.