Skip to main content

Contoh Soal PAT Bahasa Sunda Kelas VIII SMP 2022/2023 Semester 2

Contoh Soal PAT Bahasa Sunda Kelas VIII SMP 2022/2023 Semester 2
Centralpendidikan.com - Selamat datang, di kesempatan ini admin akan membagikan Contoh Soal PAT SMP dimata pelajaran Bahasa Sunda Kelas VIII Semester 2 Kurikulum 2013. Diberikan kunci jawaban dan format pengerjaan online serta pdf yang bisa diunduh secara gratis.

Materi Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 Tahun 2023 dibuat berdasarkan Kisi Kisi dari satuan pendidikan dan MGMP serta diselaraskan dengan KI dan KD mapel terkait. 

Ujian PAT digunakan untuk mengukur capaian kompetensi siswa berdasarkan SKL dan hasil evaluasi akhir bersifat sebagai penentu kenaikan kelas siswa. Maka dari itulah, siswa dapat menggunakan lembar ujian PAT Pendidikan Bahasa Sunda atau PAK Kelas 8 ini sebagai referensi untuk mempersiapkan diri menghadapi ujian mendatang. 

Contoh Soal PAT Bahasa Sunda Kelas VIII SMP 2022/2023 Semester 2

Contoh Soal PAT Bahasa Sunda Kelas VIII SMP 2022/2023 Semester 2

Contoh Soal PAT Bahasa Sunda Kelas VIII Semester 2 (Genap) kurtilas ini terdiri lebih dari 50 butir pilihan ganda disertakan kunci jawaban. Bapak/ibu guru bisa menggunakannya sebagai referensi untuk melakukan penyusunan lembar ujian.

Selamat mengerjakan..
(Full PDF (+50 butir) dan Kunci Jawaban di akhir artikel)

#Gambaran


1. Alam nu ngémploh héjo, pinarengan ngarangrangan dimamana”
Jumlah éngang jeung guru lagu dina sempalan kawih diluhur, nya éta ....
A 19 i
B 19 a
C 20 i
D 20 a

2. Mangsa kiwari upacara samodél labuh saji geus samistina ....
A Dipupusti ku sakumna masarakat lantaran titinggal karuhun
B Dilastarikeun lantaran geus teu lumrah jeung kahirupan mangsa kiwari
C Dipiara tur dihadé-hadé lantaran loba kénéh nu mikaresep
D Dilaksanakeun luyu jeung kamekaran masarakat mangsa kiwari

3. Nu kaasup pupuh sekar ageung, nya eta ..
A Durma, gambuh, gurisa, kinanti
B Balakbak, durma, gambuh, gurisa
C Sinom, asmarandana, kinanti dangdanggula
D Balakbak, dangdanggula, sinom, durma

4. Poé Ahad harita teh. Tabuh 7.30, kuring katut anggota PMR lianna geus karumpul di buruan sakola. Kuring saparakanca téh rék ngayakeun haiking ka Gunung Walat.
Kumpul di buruan sakola téh teu lila, ngan saukur ngaregepkeun rupaning pituduh nu kudu dilaksanakeun ti Pembina PMR. Satuluyna mah bring baé rombongan téh ka tempat mobil nu ti tatadi geus disadiakeun. Paramurid mani cut-cat naraék kana mobil, paboro-boro kawas nu sieun teu kabagéan. Para pembinana mah cuh-cih ngatur paramurid nu siliséréd
Sempalan laporan di luhur téh kaasup kana bagian ....
A Eusi
B Bubuka
C Panutup
D Lampiran

5. Rama mah ti kapungkur ogé parantos ...
A Maot
B Paéh
C Ngantunkeun
D Tilar dunya

6. Ilaharna kawih sok dijieun ku juru sanggi jeung juru rumpaka. Jalma nu sok nyiptakeun mélodi lagu atawa notasi lagu, disebutna ....
A Juru rumpaka
B Juru kawih
C Juru sanggi
D Juru lagu

7. Anu teu kudu diperhatikeun waktu ngajéjéran acara (nga-MC), nyaéta…
A Kudu ngagunakeun basa Inggris
B Terampil nyusun runtuyan acara
C Bisa ngaluyukeun acara jeung situasi kondisi
D Ngaluyukeun diri jeung kamampuh sarta kabiasaan nu ngahadiran acara

8. Dina nulis warta atawa rék ngawawancara kudu nyumponan hiji rumusan 5 W+ 1H.
Pananya pikeun ngawawancara patani nu mérénah, nya éta ...
A Iraha diadégkeunana ieu bangunan?
B Resép teu diajar disakola téh?
C Dimana badé kerja bakti téh?
D Pupuk naon nu dianggo, pa?

9. UPACARA LABUH SAJI
Upacara adat nu tumuwuh tur mekar di lingkungan masarakat anu tangtu ngagambarkeun yén paripolah masarakatna masih kénéh nyekel tradisi warisan karuhun. Salah sahijina nya éta upacara labuh saji anu sok dilaksanakeun ku masarakat Palabuanratu. Ieu upacara téh mangrupa wangun sukuran parapamayang (nelayan) ka Sang Hyang Widi nu salawasna nangtayungan tur ngaraharjakeun masarakat.
Upacara labuh saji ayeuna mah geus mangrupa tradisi anu dilaksanakeun ku masarakat anu aya di wewengkon Palabuhanratu. Dilaksanakeunana unggal tanggal 6 April. Malah, tanggal ieu téh geus kawentar jadi hari nelayan sa-Indonésia.
Numutkeun carita anu dicaritakeun deui, upacara labuh saji geus lumangsung ti jaman kakawasaan dicepeng ku Nyai Ratu Mayang Sagara. Ieu upacara téh mangrupa babakti ka Sang Hyang Batara Tunggal jeung ka gaib nu ngawasa lautan nu katelahna Sang Hyang Guriang Sagara. Tah, ku lantaran kitu, numutkeun kapercayaan alam harita, upacara labuh saji téh lain keur ka Nyi Roro Kidul.
Tradisi upacara labuh saji di Palabuanratu harita, méméhna kudu nyiapkeun kidang sajodo. Kidang éta téh sok disebut papasangan kidang, sabab aya jalu jeung aya bikang. Kidang atawa uncalna téh kudu nu pelén jeung nu danten. Ari ngalana kudu ti sampalan alas tangtu. Ieu daérah téh kaasup ka wewengkon gunung Jayanti, kaléreun Panglabuanratu.
Kidang atawa uncal téh tangtu waé ditéwak hirup-hirup, diasupkeun kana garogol. tuluy diarak di tukangeun imah puun. Harita mah nu jadi puunna Nyai Ratu Mayang Sagara. Isukna, éta uncal téh bakal dijadikeun sasajén dina upacara labuh saji

Tujuan diayakeunana kagiatan upacara labuh saji nya éta .....
A Pikeun ngaraharjakeun masarakat pamayang (nelayan)
B mangrupa babakti ka Nyi Roro Kidul nu ngawasa lautan
C Mangrupa tradisi anu dilaksanakeun ku masarakat Palabuanratu
D Wangun sukuran parapamayang (nelayan) ka Sang Hyang Widi

10. Basisir Cicaladi
Di basisir laut kidul
pernahna di Cicaladi
alamna éndah tur waas
lambakna patingsiriwik
siliudag jeung baturna
matak narik kana ati
Mun nyawang ka tengah laut
nyidikkeun lambak jaladri
caina liuh teu motah
lambakna teu matak risi
malah lir nu ngagupayan
ngajak ocon nu pelesir

Guru lagu jeung guru wilangan pupuh nu digunakeun dina guguritan di luhur nya éta .....
A 8-u, 8-a, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i
B 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i
C 8-u, 8-u, 8-a, 8-a, 8-a, 8-u
D 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a

11. Sisindiran ieu di handap anu kaasup kana paparikan nya
A Kudu getol neukteuk kuku
Ngarah pinter lamun dangdan
Kudu getol maca buku
Ngarah pinter jiga Dadan

B Ngawuluku ngawalajar
Kudu dibaladah heula
Dina waktu rék diajar
Hayu ngarado’a heula

C Ulah ngala cocongoan
Bisi ruksak tangkal manggu
Ulah waka bobogohan
Bisi sakola kaganggu

D Sanaos ka haur geulis
Andi mah resep ka Cina
Sanaos Neng Nunur geulis
Andi mah resep ka Rina

12. Nu kaasup pupuh sekar ageung, nya eta ..
A Balakbak, dangdanggula, sinom, durma
B Durma, gambuh, gurisa, kinanti
C Sinom, asmarandana, kinanti dangdanggula
D Balakbak, durma, gambuh, gurisa

13. Usum bungbuahan dimana-mana, disebutna ..
A Usum tigerat
B Usum ajra
C Usum panen
D Usum nguyang

14. “Iraha Pa pepen teh bade ...?
A Mios
B Sumping
C Indit
D Datang

15. Teu weleh – ka sasaha – eutik – amis budi – mah - ramah
1 2 3 4 5 6
Runtuyan kecap nu bener, nya eta ...
A 3,4,2,1,6,5
B 3,4,2,5,1,6
C 3,5,4,2,1,6
D 3,6,5,1,2,4

Nomor 16-50  di lampiran berikut ini.
  • Contoh Soal PAT Bahasa Sunda Kelas VIII SMP v1, UNDUH
  • Contoh Soal PAT Bahasa Sunda Kelas VIII SMP v2, UNDUH
Demikian artikel tentang Contoh Soal PAT Bahasa Sunda Kelas VIII SMP 2022/2023 Semester 2. Semoga bermanfaat..
Ki Hajar Dewantara : “Ing Ngarsa Sung Tuladha Ing Madya Mangun Karsa Tut Wuri Handayani”,- Di depan memberi contoh, di tengah memberi semangat dan di belakang memberikan kekuatan.